Akidah Islam

Para hadirin

Akidah islam mangrupiken hiji pondasi sinareng landasan urang sadayana selaku umat islam dina enggoning ngarungan bahtera kahirupan supados urang sadayana nyuprih kabagjaan dunya rawuh akheratna, ku hal sakitu peryogi pisan urang sadayana ngandelan sinareng ngajeroan akidah urang sadayana. Sakumaha anu parantos pada mafhum kusadayana wirehna diantawisna akidah islam nyaeta iman ka allah swt.
Salajengna kaimanan ka allah terkadang tiasa di capai ku cara aqly atanapi naqly namung salaku manusia anu berakal tos sayaktosna urang sadayana uninga atanapi iman ka allah swt kucara aqly atanapi ku jalan proses berfikir kanggo tahap awal margi kaimanan anu di capai ku cara proses berfikir bakal ngalahirken hiji pemecahan. Pemecahan didieu anu ngandung hartos muasken kana akal nenangken jiwa sarta sajalan sareng fitrah manusa.
Allah swt parantos maparinan kani,matan kaurang sadayana ku mangrupa akal, bahkan ku jalaran akal pisan darajat manusia jadi mulya tinimbang makhluk2 anu sanesna.kuhal sakitu allah maparinan pitunjuk dina alqur'an supaya manusa ngagunaken potensi akalna supados berfikir.sakumaha pidawuhna dina alquran :
 ‏فيك ‏لبإلا ‏يلإ ‏نورظني ‏الفأ)
‏‏‏تعفر ‏فيك ‏ءامسل‏ا ‏يلإو ‏تقلخ
‏‏‏تبصن ‏فيك ‏لابجلا ‏يلإو
‏‏‏تحطس ‏فيك ‏ضرالا ‏يلإو

Naha maranehna heunte merhatiken onta,kumaha onta diciptaken,jeng langit kumaha diluhurken jeng gunung gunung kumaha di adegken jeng bumi kumaha di amparken (Qs.alghasyiyah.17-20)
Ayat anu nembe nungtun supaya urang sadayana ngagunaken potensi akal nyaeta berfikir piken iman ka allah swt.

Para hadirin

Ku jalan akal urang sadayana tiasa ngemutan hal hal anu kajangkau ku akal anu aya disabuderen urang sadayana, sapertos alam dunya katut pangesina nyakitu deui manusa sareng kahirupanana eta sadayana te mungkin janten ku nyalira, te mungkin jol jol jleg langsung aya lir ibarat sulap, hal ieu nandaken yen saestuna pasti aya anu nyiptakenana nyaeta Allah swt conto anu real nyaeta nalika urang napakuran kana perkara anu aya di bumi urang sadayana anu mirupa barang2  sapertosken meja,korsi,gelas bahkan tv sjb.urang yakin sadayana eta temungkin jadi ku nyalira margi sadayana eta aya anu ngadamelna sok sanaos urang te apal dimana pabrikna, nyakitu deui dunya katut pangeusina urang kedah yakin eta sadayana aya anu nyiptaken nyaeta Allah swt sok sanaos urang te apal allah dimana. Hal ieu sajalan sareng kisah arab badui anu di taros naha Allah teh aya? Eta arab badui ngawaler bari nunjuk kana kotoran onta bari ngucapken tai onta eta nandaken ayana onta.

Para hadirin

Tamsil atanapi penjelasan nu nembe cekap kanggo ngajawab pertarosan akal dina raraga ngabuktosken yen saestuna Allah swt kabuktian ayana. Salajengna mungkin timbul pertarosan akal anu sanesna diantawisna
1. Naha Allah teh aya nu nyiptaken? Dina hal ieu di waler, saupamina Allah swt aya anu nyiptaken, jelas allah teh masih keneh makhluk margi masih keneh ngabutuhken kana ayana nu nyiptaken hal ieu jelas berlawanan sareng akal

2. Naha Allah janten ku nyalira? Dina hal ieu diwaler saupamina allah janten ku nyalira berarti Allah ngagaduhan dua sisi. Dihiji sisi Allah ngajadi pencipta nyakitu deui di sisi sanesna allah sebagai makhluk sabab di ciptaken ku dirina nyalira.hal ieu temungkin terjadi menurut akal

3. Naha allah wajibul wujud sareng azali? Dina hartos wajib ayana sareng te aya awal oge akhir? Dina hal ieu di waler,saupamina satiap makhluk heunte azali dina hartos aya awal sinareng akhir,berarti allahmah kedah azali sareng wajib ayana. Hal ieu sajalan sinareng akal.

Salajengna kumargi akal ngagaduhan sipat terbatas mangka akal moal tiasa ngajangkau atanapi ngemutan hal hal anu sipatna ghaib sapertos dzat na Allah swt. Margi akal ngan saukur tiasa ngajangkau sagala perkara anu kaindra wungkul, diluar eta moal tiasa kajangkau. Kuhal sakitu cekap akal urang di anggo napakuran hal2 anu tiasa kajangkau ku akal,te kengeng napakuran dzat allah swt.  Margi tamsil atanapi penjelasan anu tadi nyaeta tentang ayana allah tos tiasa katampi ku akal urang sadayana.

Salajengna akidah islam anu kadua nyaeta iman ka para nabi sareng rasol, salajengna buktos butuhna manusa kapara rosul saupamina di capai melalui proses akal atanapi berfikir nyaeta urang sadayana mangrupikan makhluk atanapi hiji ciptaan anu ngagaduhan fitrah, diantawis fitrahna eta nyaeta naluri beragama anu ngandung hartos manusa sok cenderung nyuciken atanapi ngagungken kana hiji perkara anu ujung2na di sembah, nya aktivitas ieu nu di sebat ibadah anu ngagaduhan fungsi sebagai tali penghubung antawis makhluk sareng penciptana. Hal ieu saupamina di antep kitu wae tanpa aturan,tos sayaktosna bakal nimbulken karancuan dina ibadah, anu ujung2na bakal kajantenan kasalahan dina nyembah.janten, kuhal sakitu manusa ngabutuhken aturan2 piken ngatur hal ieu.namung aturan2 ieu te kengeng dongkap atanapi kaluar timanusa,margi manusa moal tiasa memahami hakekat anu nyiptakenana,kumargi kitu aturan ieu kedah dongkap tinu nyiptakenana namung kumargi aturan2 ieu kedah katampi langsung ku manusa, mangka tos sayaktosna manusa ngabutuhken kanu namina utusan anu ngadugiken aturan2 tinu nyiptakenana.

Para hadirin

Sadayana paparan nu nembe mangrupiken dalil aqli dina hal kaimanan ka Allah swt sinareng para rasul,mudah2an kupaparan anu serba singket nembe tiasa ngajantenken ka imanan urang sadayana makin kiat dina ngaimanan ka allah sareng kapara rasul,oge insya allah dina pembahasan anu sanes urang sami2 bahas tentang kaimanan kana kitab2 sinareng kana hal2 ghaib anu parantos di kabarken ku allah sapertos surga,naraka sinareng sajabina deui ti eta. Khutbah ti simkuring dialap cekap sakieu wae.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Pendidikan Pondasi Negara

Kejayaan Islam di depan Mata