Postingan

Menampilkan postingan dengan label Sunda

Sifat Jalma- Jalma Taqwa

السلام عليكم ………. الخ اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى وَفَّقَنَا لأَدَاءِ اَفْضَلِ الْعِبَادَاتِ وَاَوْقَفَنَا عَلَى كَيْفِيَةِ اكْتِسَابِ اَكْمَلِ السَّعَادَاتِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ رَبُّ اْلأَرْضِيْنَ وَالسَّمَاوَاتِ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَلْمُؤَيَّدُ بِأَفْضَلِ اْلآيَاتِ وَالْمُعْجِزَاتِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آَلِهِ وَاَصْحَابِهِ بِحَسَبِ تَعَاقُبِ اْلأَوْقَاتِ وَالسَّاعَاتِ.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَاْلأَوْقَاتِ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :اِنَّ الْمُتَّقِيْنَ فِى جَنَّاتٍ وَعُيُوْنٍ آخِذِيْنَ مَاآتَاهُوْ رَبُّهُمْ اِنَّهُمْ كَانُوْا قَبْلَ ذَالِكَ مُحْسِنِيْنَ كَانُوْا قَلِيْلاً مِنَ اللَّيْلِ مَا يَهْجَعُوْنَ. وَبِاْلأَسْحَارِ هُمْ يَسْتَغْفِرُوْنَ. وَفِى اَمْوَالِهِمْ حَقٌّ لِلسَّائِلِ وَالْمَحْرُوْمِ Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkun...

Uninga Kana Ideology

Para hadirin sidang jum,at anu mulya saupamina ku urang ditalungtik wirehna aturan-aturan anu lumaku di alam dunya eta sadayana dilahirken tina hiji sumber anu disebat ideology. Ideology anu dina bahasa arab di sebat mabda mangrupiken landasan tolak ukur hiji pamahaman anu bersumber tina hiji akidah, janten ideology tergantung kana akidah anu di anut ku hiji jalmi. Intina ideology nyaeta hiji akidah anu ngalahirken aturan-aturan dina kahirupan. Para hadirin Upami ku urang dititenan ideology anu aya di alam dunya dina waktos ayeuna aya tilu rupi ideology, di antawisna : 1. Ideology sosialis atanapi komunis, ideology ieu di wangun ku landasan materi anu sahingga sadayana aturan-aturan anu dilahirken tina ideology komunis ieu di landasken kana perkembanganana materi salah sawios conto dina peraturan ekonomina anu ngadopsi yen saestuna teaya kapamilikan individu sadayana sami sama rata milik sarerea conto realna saupamina si A ngagaduhan harta mangka si B bahkan sadayana rakyat tiasa mopol...

Akidah Islam

Para hadirin Akidah islam mangrupiken hiji pondasi sinareng landasan urang sadayana selaku umat islam dina enggoning ngarungan bahtera kahirupan supados urang sadayana nyuprih kabagjaan dunya rawuh akheratna, ku hal sakitu peryogi pisan urang sadayana ngandelan sinareng ngajeroan akidah urang sadayana. Sakumaha anu parantos pada mafhum kusadayana wirehna diantawisna akidah islam nyaeta iman ka allah swt. Salajengna kaimanan ka allah terkadang tiasa di capai ku cara aqly atanapi naqly namung salaku manusia anu berakal tos sayaktosna urang sadayana uninga atanapi iman ka allah swt kucara aqly atanapi ku jalan proses berfikir kanggo tahap awal margi kaimanan anu di capai ku cara proses berfikir bakal ngalahirken hiji pemecahan. Pemecahan didieu anu ngandung hartos muasken kana akal nenangken jiwa sarta sajalan sareng fitrah manusa. Allah swt parantos maparinan kani,matan kaurang sadayana ku mangrupa akal, bahkan ku jalaran akal pisan darajat manusia jadi mulya tinimbang makhluk2 anu sanes...

Kasaimbangan Hirup

Assalamu’alaikum Wr.Wb., Puji syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin kanikmatan iman sinareng Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan sehat wal’afiat sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana nyaeta ngalaksanakeun ibadah jum’at di masjid ieu. Sholawat sinareng salam mugia tetep kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW., ka para sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman anu insya Alloh kalebet oge urang sadayana.   Dina kasempetan ayeuna khotib masihan wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka jama’ah jum’at sadaya, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh SWT ku ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna supados kenging ridho ti mantenna. Alloh SWT nyiptakeun manusa teh kalayan makhluk anu panghadena di dunya ieu, jeung dibere akal sarta nurani. Sa...