Uninga Kana Ideology

Para hadirin sidang jum,at anu mulya

saupamina ku urang ditalungtik wirehna aturan-aturan anu lumaku di alam dunya eta sadayana dilahirken tina hiji sumber anu disebat ideology.
Ideology anu dina bahasa arab di sebat mabda mangrupiken landasan tolak ukur hiji pamahaman anu bersumber tina hiji akidah, janten ideology tergantung kana akidah anu di anut ku hiji jalmi. Intina ideology nyaeta hiji akidah anu ngalahirken aturan-aturan dina kahirupan.

Para hadirin

Upami ku urang dititenan ideology anu aya di alam dunya dina waktos ayeuna aya tilu rupi ideology, di antawisna :
1. Ideology sosialis atanapi komunis, ideology ieu di wangun ku landasan materi anu sahingga sadayana aturan-aturan anu dilahirken tina ideology komunis ieu di landasken kana perkembanganana materi salah sawios conto dina peraturan ekonomina anu ngadopsi yen saestuna teaya kapamilikan individu sadayana sami sama rata milik sarerea conto realna saupamina si A ngagaduhan harta mangka si B bahkan sadayana rakyat tiasa mopolahken sakaligus nganggona eta harta si A hal ieu lumaku piken sagala hal sanes mungsaukur dina harta wungkul bahkan dugiken kanu janten bojo eta milik bersama naudzu billah.
Ideology komunis ieu te benten sareng hewan anu ngan saukur nurutken kana hawa napsu wungkul, ideology   ieu te sesuai sareng fitrah manusa kumargi kitu ideology ieu te layak di anut ku urang sadayana margi tos jelas pisan batilna.

2. Ideology kapitalis, ideology ieu di wangun ku landasan misahken agama tina kahirupan atanapi sekuler ideology ieu nganggap yen agama te layak piken ngatur kahirupan kujalaran kitu idology ieu ngalahirken aturan-aturan anu di landasken kana tolak ukur manfaat  bahkan sagala rupi katetapan sinareng kabijakan di landasken kana asas manfaat, salami hiji hal aya manfaatna te dipandang halal sinareng haramna nyakitu deui te dipandang hak sinareng batilna mangka eta hal pasti dilakuken sareng di berlakuken bahkan ditetepken janten hiji kabijakan salah sawios conto anu real nalika miras dianggap aya unsur manfaat kanggo nagara nyaeta pajakna tina pembuatanana mangka eta miras dilegalken bahkan pelakuna lolos tina jerat hukum, nyakitu deui dina hal2 anu sanesna sapertos perzinahan,perjudian,ribawi korupsi sareng kamaksiatan anu sanesna dilegalken salami aya unsur manfaat di lebetna.
Ku hal sakitu  ideology kapitalis ieu telayak di anut ku urang sadayana margi ideology ieu te sajalan sareng fitrah manusa bahkan ideology jeu jelas pisan bathilna.

3. Ideology islam, ideology ieu di wangun ku landasan akidah islam,katundukan sacara total mangrupiken konsekwensi tina akidah islam.kujalaran kitu ideology ieu ngalahirken aturan-aturan di landasken kana tolak ukur halal sinareng haram. Aturan-aturan anu ditetepken ku ideology ieu nyakup piken sagala aspek kahirupan manusa ima anu patula patali sinareng individu sapertos tuangan,leeten,akhlak sareng sajabina deui ti eta.waima anu patula patalina individu sinareng allah  swt sapertos solat,zakat,puasa sjb.nyakitu deui sareng hal anu patula patali sareng muamalah sapertos ekonomi pendidikan pamarentahan pidana sjb. Sadayana aspek kahirupan nu nembe di atur ku ideology islam bahkan te aya hal saalit oge anu luput atanapi lolos tinta aturan sareng tuntunan ideology islam.kujalaran kitu ngan saukur ideology islam anu sajalan sareng fitrah manusa oge ngan saukur ideology islam anu tos jelas shohihna sareng haq, urang sadayana layak nganut ideology islam bahkan wajib hukumna.

Para hadirin rahimakumullah

saatosna uninga kana sadayana ideology anu aya di alam dunya, kantun nganilai saat ayeuna urang sadayana nganut kana ideology nu mana? Penilaian uih kana manah sinareng pribadi masing-masing, ngan aya hiji pertarosan anu peryogi ku urang di waler nyaeta apakah dina waktos ayena islam tos ditegaken dina hal muamalah sapertos kanagaraan,pamarentahan,hukum,ekonomi sjb. Waleran ieu pertarosan bakal tiasa nangtuken ideology numana nu saat ayn dianut ku urang sadaya.
Sumangga urang sami2 lenyepan kudiri pribadi masing pidawuh allah swt :
‏‏يف ‏اولخدااونمأ ‏نيذلااهيأاي
‏‏‏‏‏تاوطخ ‏اوعبتت ‏الو ‏ةفاك ‏ملسلا
‏‏‏‏نيبم ‏ودع ‏مكل ‏هنإ ‏ناطيشلا


hai jalma2 anu ariman kudu asup aranjen kana islam sacara menyeluruh jeung ulah arek turut kana lengkahna syetan saestuna syetan musuh anu nyata (Qs.albaqoroh.208)
ayat ieu netelaken yen dina kuduna jeng wajibna urang sadayana ngajalanken aturan-aturan ti allah, sadayana di laksanaken alias te dipilihan atanapi di jalanken sawareh sareng ditinggalken sawareh.
Bahkan dina ayat nusanes allah negasken :
‏‏نورفكتو ‏باتكلا ‏‏ضعبب ‏نونمؤتفأ
‏‏‏‏كلذ ‏لع‏في ‏نم ‏ءازج ‏امف ‏ضعبب
‏‏‏‏‏ايندلا ‏ةايحلا ‏يف ‏يزح ‏الإ ‏مكنم
‏‏‏نودري ‏ةمايقلا ‏مويو
‏‏‏‏هللا ‏امو ‏باذعلا ‏دشأ ‏يلإ
‏‏نولمعت ‏امع ‏لفاغب

naha aranjen iman kana sawarehna kitab alquran jeng ingkar kana sabagean? Teaya balesan piken jalma nu migawe kalakuan kitu iwal ti kahinaan di dunya jeng dina poe kiamat maranehna bakal di siksa ku siksaan nu kacida berat.allah moal luput kana naon2 nu ku aranjen dipigawe (Qs. Albaqarah.85)
ayat ieu ngajelasken siksa anu kacida beratna piken jalma jalma anu ngajalanken parentah allah sawareh2 sareng tinggalken sawarehna deui.

para hadirin

aturan aturan allah swt tiasa di tegaken sinareng diberlakuken dina sagala aspek kahirupan saupamina aya institusi kapamarentahan anu ngadopsi kana ideology islam, intsitusi ieu teaya sanes nyaeta institusi khilafah rosyidah anu ngaberlakuken sareng negaken syariah islam. Ku hal sakitu memperjuangken tegakna syariah sareng khilafah mangrupiken kawajiban sadayana kaum muslimin kalebet urang sadayana hal ieu sajalan sareng kaidah syara :
‏‏‏‏بجاو‏وهف ‏بجاولا ‏يلإ ‏لصاولأ

sagala sarana anu nepiken kana perkara anu wajib mangka sarana eta ngajadi wajib hukumna.
Dina hal ieu Syariah islam mangrupiken kawajiban sementawis memperjuangkenana mangrupiken sarana kuhal sakitu memperjuangken syariah sareng khilafah mangrupiken kawajiban anu tos pasti.khutbah anu serba singkat di alap cekap sakieu wae mudah2an urang sadayana tiasa kalebetken kana golongan jalmi jalmi anu memperjuangken tegakna kalimat allah amien.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Akidah Islam

Akibat Memakan Harta Riba

Dampak Teknologi bagi Masyarakat